Biantara Basa Sunda Dina Kagiatan O2SN

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh 
Sampurasun….. 

      Déwan yuri anu ku sim kuring di pihormat, ibu kalih bapa guru nu sami rawuhdi ieu tempat, teu kakantun réréncangan sadaya anu ku sim kuring dipitresna. 

    Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh SWT nu Maha Ghopur tur mihéman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh sanubari, mugi sing ulah pukah deui, komo kudu luncat mulang tali gadang, sing kukuh tur pengkuh teuunggut kalinduan teu gédag kaanginan. 

    Sholawat salam nu jadi panyuat rasa tilam katresna, mugi tetep dilélérkeun kakanjeng nabi Muhammad SAW, miwah kulawargana, sohabatna tug dugi ka umatna anu tumut turut kana ajaranana. 

     Dina kasempetan nu saé ieu dina raraga lomba biantara basa sunda, sim kuring badé ngabantun judul “Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan, Pikeun Suksésna Kawajiban diajar Salapan Tahun”. 

Déwan yuri nu ku sim kuring dipihormat, 
     Masalah atikan mangrupikeun, salah sawios kawajiban kanggé urangsadayana, milari élmu téh dianjurkeun ku agama boh kupamaréntah, sabab ku ayana atikan manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu ngagaduhan atikan. Sakumaha pitutur sepuh “jalmi nu gaduh élmu mah calikna pangpayunna,cohokna pangpanjangna iketna pangrubakna”. Taun ajaran énggal ayeuna nu badé kasampeur, mangrupikeun salah sawios tatapakan nu énggal pikeun seuweu-siwi tatar Sukapura, pikeun neraskeun sakola ti sakola dasar ka sakola lanjutan tingkat awal, boh nu ti sakola lanjutan tingkat awal ka sakola lanjutan tingkat luhur. 

Déwan yuri nu ku sim kuring dipihormat, 
     Jawa Barat nu di sebat Pasundan sabagian ageungna urang sunda parantos ti beh dituna kénéh wanoh kana atikan, sateuacan UNICEF. Dina kamandangna “ long life education” nuntut élmu téh sapanjang hirup, pini sepuh urang tos ngawanti-wanti supados seuweu-siwina teu jaranteun jalmi bodo, sateuacan aya program kawajiban diajar salapan taun ayeuna rek diundakeun jadi dua welas taun sepuh pinisepuh sunda tos ngagaduhan kamandang ngeunaan filosopis dina atikan boh dinawanda kawih, sisindiran, paribasa atawa babasan. 

     Dina rumpaka kawih anu kieu unggelna: 
Néléngnéngkung Néléngnéngkung 
Geura gedé geura jangkung 
Geura sakola sing jucung 
Sangkan jadi jelma luhung 

 Néléngnéngkung Néléngnéngkung 
Geura gede geura jangkung 
Mun hidep pareng geus luhung 
Poma ulah rek adigung 

     Filosopis dina wanda kawih diluhur écés tur jéntré, urang sadaya kudu sakola nyuprih élmu, bari jeung lamun parantos gaduh élmu teu adigung adiguna. 

    Dina rumpaka sisindiran anu kieu unggelna. 
Aya manuk dina pager 
Na sukuna aya bola 
Lamun urang hayong pinter 
Kudu getol kasakola 

Baju kutud heureut pola 
Dikelin teu dijalujur 
Lamun teu cucud ka sakola 
Arisin balik kalembur 

    Sihoreng mun urang hoyong pinter teh kudu getol kasakola sabalikna mun urang teu junun kasakola bakal isin balik ka lembur. 
    Déwan yuri nu ku sim kuring dipihormat, Bapa kalih Ibu anu sami rawuh di ieu tempat, ogé réréncangan saperjoangan nu ku sim kuring dipikatresna, Agama urang agama islam ngajarkeun umatna pikeun nyuprih élmu dina salah sawios hadits nabi Muhammad saw. 
Hartosna  : Nyuprih élmu téh wajib pikeun muslimin jeung muslimat ti kawit nakandungan dugi ka   
                   alam kubur 

     Ditegaskeun deui ka pini sepuh urang sadaya dina babasan “elmutungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna”. 
    Filosofis nu nyangkaruk dina babasan diluhur, urang sadaya sanés mung ukur nyuprih élmu wungkul tapi biayana gé kudu disiar, mun pareng geus linuhung kuélmu kudu siger tengah. 
     Kumargi kitu hayu urang sukséskeun Wajar Dikdas Salapan Taun, rarojong program pamaréntah supaya urang sadaya janten murangkalih anu pinter bari jeung bener, cageur bari jeung sing singer. Mun cageur, bageur, bener, pinter, tur singer insya allah moal kabalinger. 
     Pamendak pitutur sepuh urang sunda, luyu jeung agama darigama, 

Pamungkas: Sing getol nginum jajamu 
                    Nu guna nguatkeun urat 
                    Sing getol neangan élmu 
                    Nu guna dunya akhérat 

Cag, wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh
Silahkan Tinggalkan Komentar Anda :
resep donat empuk ala dunkin donut resep kue cubit coklat enak dan sederhana resep donat kentang empuk lembut dan enak resep es krim goreng coklat kriuk mudah dan sederhana resep es krim coklat lembut resep bolu karamel panggang sarang semut